Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

Tata Cara Ziaroh ka Maqom Sunan Haruman

Bismillaahirrahmaanirrahiim


Sapertos nu pada mafhum sadayana, rehna di Maqom Sunan Haruman teh aya 4 komplek. nu eta 4 komplek teh nyandak tamsil kana Madzhab nu aya dina Agama Islam.

sarengna deui, satiap bangunan Masjid titinggal para Auliya Allah, sadayana gaduh 4 tetengger nu ngamuara ka 4 Madzhab tea.

di tiap-tiap komplek Maqom, benten kaseneng sareng aurod nu diasokeun.


SASAKALA KEBON URUG NU AYA DI GUNUNG HARUMAN CIBIUK

di Gunung Haruman aya hiji kebon anu nelah kebon urug, aya sasakalana.
kapungkur bentuk Gunung Haruman teh teu ngumpak, luhurna ngabentuk satengah buleudan, upami ditingal ti daerah cibiuk lebah kalereunna tatangkalan nu aya sok ditaluaran, nu ngakibatkeun taneuhna uruy atanapi urug.

SUNAN HARUMAN (WALI NU WARO')

Subhaanallooh...
nglanglang buana ka maqom-maqon Waliyullooh, sadayana Apik (Waro'), teu dirarangkenan ku macem-macem, estuning alami.
pon nyakitu deui sinareng maqom Sunan Haruman nu aya di Gunung Haruman Cibiuk, anjeunna aralimeun upami pusarana disae-sae.

SAJARAH SINGKET SUNAN HARUMAN

Ieu Pusarana Sunan Haruman nu aya di Komplek ka 2
Gunung Haruman Cibiuk

Sunan Haruman teh mukimna di Gunung Haruman Cibiuk, anjeunna sakurun sareng Syeikh Maulana Mansyur Cikaduen Banten sinareng Syeikh Abdul Muhyi Pamijahan.

TATA CARA SAMBEL CIBIUK

  1. kedah calik ngadep ka wetan semu ngaler ("nuggel jagat" istilahna)
  2. dina calik teh, sampean kiwa dilipet ka lebet ditindih ku imbit, nu tengen dampalna dirapetkeun kana imbit palih tengen, tuurna ngarah kaluhur.
  3. nyepeng mutuna, opat ramo ka handap, jempolna aya diluhur, sapertos nunjuk halus ku jempol

Sajarah Pasantren Tengah

Masjid Agung Pasantren Tengah
Titingal Sunan Haruman (Gunung Haruman Cibiuk)

Bismillaahirrohmaanirrohiim....

ari muqimna, Sunan Haruman teh di wewengkon Pasantren Tengah, Cibiuk Kidul. anu janten marga lantaran disebat Pasantren Tengah teh, kumargi diapit ku dua pasantren, nyaeta Pasantren Barugbug ti palih wetanna, sareng Pasantren Babakan Selong Palih Kulonna.
Numutkeun sajarah nu dicarioskeun ku Pun Bapa, sasakala Mbah Sunan Haruman Muqim di Pasantren Tengah teh, kacarioskeun nuju alitna, Anjeunna ngajak ziarah ka ramana (Eyang Mas'ud).

Sajarah Batu Kuda

Beubeulahan Batu Kuda nu aya di Puncak Gunung Haruman
Bismillaahirrohmaanirrohiim

Diantawis kaunggulan nu aya di Gunung Haruman teh, nyaeta patilasan Eyang Wali, buktosna nyaeta Batu Kuda. sanaos ayeuna mung kantun beubeulahanna.

Batu Kuda teh jelmaan tina kuda tunggangan Eyang Wali ari angkat ziarah ka Tanah Suci Mekkah, atanapi angkat dakwah.

Sajarah Sambel Cibiuk

Salah sawios nu janten harumna Gunung Haruman teh ku ayana Sambel Cibiuk. kieu sajarahna:

Ari Sunan Haruman teh sakurun sareng Syeikh Maulana Mansyur Cikaduen Banten sareng Syeikh Abdul Muhyi Pamijahan. di antawis Waliyulloh nu 3 tadi (Syeikh Maulana Mansyur, Syeikh Abdul Muhyi sareng Sunan Haruman) Sunan Haruman teh pang anomna.


 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman