Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

Sajarah Sambel Cibiuk

Salah sawios nu janten harumna Gunung Haruman teh ku ayana Sambel Cibiuk. kieu sajarahna:

Ari Sunan Haruman teh sakurun sareng Syeikh Maulana Mansyur Cikaduen Banten sareng Syeikh Abdul Muhyi Pamijahan. di antawis Waliyulloh nu 3 tadi (Syeikh Maulana Mansyur, Syeikh Abdul Muhyi sareng Sunan Haruman) Sunan Haruman teh pang anomna.



Sapertos nu pada mafhum sadayana, rehna ari para Ulama sareng para sholihin mah sok ngadawamkeun silaturrahmi, da emang janten kawajiban kanggo sadaya umat muslimin. Nya ieu Tilu Waliyulloh ge kitu pisan, sok silih anjangan saur urang Cibiuk mah. Ma'lum bade kasumpingan gegeden saur paripaosna mah, sok dijamu, di dama-dama, disugemakeun, intina mah dihormat pisan, sagala rupi disayogikeun. misalna nuju silaturrahmi ka Banten, atuh urang banten teh nya kitu tea, meuncit domba meuncit sapi bade kasumpingan wali nu 2 deui sareng rombonganna teh. Pon nyakitu deui, pas giliran ka Pamijahan ge, sagala di sayogikeun. meuncit hayam, ngabedahkeun balong sagala rupi.
Naah... giliran ka Cibiuk, nincak di Bab ka opat saur santri mah alias PAILA. sagala teu aya, estuning warerit pisan. nu aya teh mung sangu sabrakkeun, teu lauk, teu hayam sumawona daging domba atanapi daging sapi mah. kanggo rencang sanguna teh mung aya kanggo sa sambelaneun. tah nu nga damel sambel na teh putra istri ti Mbah Sunan Haruman pisan nu kakasihna Mbah Siti Fatimah. Ananging sanaos mung ukur sareng sambel wungkul teh, Syeikh Abdul Muhyi sinareng Syeikh Maulana Mansyur duanna ge ngangken, yen nu hayam, lauk, daging domba sareng sapi teh kawon ku sambel Cibiuk dina pada raosna. ti harita, nelah we Sambel Cibiuk. mung nu ayeuna aya warung-warung kejo di daerah Cibiuk nu nga atas namikeun Rumah Makan Sambal Cibiuk teh, sambelna mah ASPAL (Asli tapi Palsu). Naha, sabab ari sambel Cibiuk mah aya tata carana, aya tata Tertibna ceuk tukang organisasi mah. na naon wungkul tata carana teh.....?! Bersambung......

Artikel Terkait

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman