Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

SASAKALA KEBON URUG NU AYA DI GUNUNG HARUMAN CIBIUK

di Gunung Haruman aya hiji kebon anu nelah kebon urug, aya sasakalana.
kapungkur bentuk Gunung Haruman teh teu ngumpak, luhurna ngabentuk satengah buleudan, upami ditingal ti daerah cibiuk lebah kalereunna tatangkalan nu aya sok ditaluaran, nu ngakibatkeun taneuhna uruy atanapi urug.

Harita nuju zaman Eyang 'Ashim, nu pusarana aya di komplek ka opat pang kulonna. ku Anjeunna diparancahan eta Gunung, bahasa Anjeunna: "hey gunung, heup ti seret ayeuna ka hareup, tong boroning bitu, dalah urug ge ulah".
sakedret netra, eta taneuh nu tadina murudul uruy teh eureun. ti harita, nelah we eta kebon teh Kebon Urug.
Waloohu A'lam.

sumber: katampi ti pun Bapa.

Artikel Terkait

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman