Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

SUNAN HARUMAN (WALI NU WARO')

Subhaanallooh...
nglanglang buana ka maqom-maqon Waliyullooh, sadayana Apik (Waro'), teu dirarangkenan ku macem-macem, estuning alami.
pon nyakitu deui sinareng maqom Sunan Haruman nu aya di Gunung Haruman Cibiuk, anjeunna aralimeun upami pusarana disae-sae.


bahkan numutkeun sajarah nu katampi ti Pun Bapa, kapungkur Almarhum Eyang Aden (Pasantren Tengah), seja ngadangdosan tetengger pusara Mbah Wali Sunan Haruman, nya anjeunna miwarang ka Pun Bapa supados widi ka Pun Aki Almarhum.
kumaha saur pun Aki Almarhum, punten simkuring nganggo bahasa pun Aki "bejakeun ka Mang Aden, Isin... Ajrih...."
nya ku Pun Bapa eta cariosan Pun Aki didugikeu ka Eyang Aden Pasantren Tengah, "heueuh ntong atuh ari ceuk bapa hidep kitu mah"
tah, ari 'ulama nu baheula mah, estu ngajaga kaapikan atanapi ka waro'an Eyang Wali Sunan Haruman.
benten jeung nu ayeuna, pada kumawani ngarobah jeung ngadangdanan, da sanes kitu buktos mahabbah mah, asal dijaga kaberesihanna jeung kaapikanna, teras dawaam ziarohna, eta buktos mahabbah mah.

Walloohu A'lam

Artikel Terkait

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman