Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

Sajarah Batu Kuda

Beubeulahan Batu Kuda nu aya di Puncak Gunung Haruman
Bismillaahirrohmaanirrohiim

Diantawis kaunggulan nu aya di Gunung Haruman teh, nyaeta patilasan Eyang Wali, buktosna nyaeta Batu Kuda. sanaos ayeuna mung kantun beubeulahanna.

Batu Kuda teh jelmaan tina kuda tunggangan Eyang Wali ari angkat ziarah ka Tanah Suci Mekkah, atanapi angkat dakwah.


Sajarah Batu Kuda nu kantun beubeulahanna teh, kapungkur eta batu kuda teh masih utuh, mastakana aya di palih kaler nuju ka daerah Limbangan, weteng sareng sampeanna nuju ka palih wetan ka daerah cibiuk, leuwigoong sareng cibatu. ari punggung sareng buntutna, nuju ka palih kulon ka daerah kadungora. tina kaayaan eta Batu Kuda nu sapertos kitu janten silib. Mastaka nandakeun pinuh ku kapinteran, nu matak teu sakedik urang Limbangan anu jareneng, diantawisna Bapa Umar Wirahadi Kusuma nu kantos janten Wakil Presiden. sampean sareng weteng nandakeun kana sok resep lunta/nyaba, nu matak teu sakedik urang cibiuk, leuwigoong sareng cibatu nu nyaraba ka dayeuh, ngadon arusaha. ari buntut sareng punggung, eta nandakeun kana sae wanda, sae adeganna. matak teu sakedik di daerah kadungora, anu gareulis, karasep, sareng rambutna paranjang. Hal-hal anu sapertos tadi teh, masih keneh aya dugi ka danget ayeuna. ari sasakala batu kuda kantun beubeulahanna, kapungkur eta kuda jelmaan tina batu kuda teh sok biasa dicangcang dina tangkal waru. saatos teu aya Eyang Wali, eta batu kuda tetep aya digedengeun tangkal waru tea. dina hiji waktos, aya opat jalmi anu naek ka gunung, maksad bade nuar tangkal waru anu dianggo nyancang kuda tea, kacarioskeun dituar we eta waru, barang dituar teh, runtuhna ninggang kana batu kuda, atuh ancawura, beulah.... sahingga beubeulahan eta batu teh ngudag-ngudag kanu nuarna. tilu jalmi paeh harita keneh kalindes sareng katinggang ku batu, nu saurang deui mah katinggangna teh di handap tos dugi ka pilemburan. nu aya ayeuna, eta batu kuda teh kantun tina punggung sakedik dugi kana tengek sakedik. ananging sok sanaos nu janten sababna dituar ku jalmi, Hakekiahna mah Pangersa Eyang Wali alim jalmi-jalmi robih patekadan, sabab teu sakedik nu sumping ka puncak gunung ngadon nyarugih.
Sakieu bae heula riwayat nu aya patalina sareng Gunung Haruman, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo nu ngaos ieu postingan. kirang langkungna sihapunten anu kasuhun.
Walloohul Muwaffiq Ilaa Aqwamit Thorieq

Sumber: ti Pun Bapa sareng Almarhumah Pun Nini.

Artikel Terkait

2 komentar:

  1. hatur nuhun Kang...

    upami tiasa mah di seueuran deui postinganna

    BalasHapus

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman