Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

SAJARAH SINGKET SUNAN HARUMAN

Ieu Pusarana Sunan Haruman nu aya di Komplek ka 2
Gunung Haruman Cibiuk

Sunan Haruman teh mukimna di Gunung Haruman Cibiuk, anjeunna sakurun sareng Syeikh Maulana Mansyur Cikaduen Banten sinareng Syeikh Abdul Muhyi Pamijahan.


ti aalit, ciri kawalianna tos katawis, salah sawiosna, upami Ramana (Eyang Mas'ud) nuju ngawuruk ngaos, heug aya nu lepat, anjeunna sok ngemutan ramana, "salah Bah...!!!" kitu saurna.

Sunan Haruman biasa oge disebat Embah Waru', kenging ngamustaq tina " Waro' " hartosna "apik", saking apikna ajeunna, komplek pusarana ge alim didangdosan atanapi dirarangkenan ku nanaon, hoyong alami asri sapertos biasa pusara ilaharna jalmi. Nanging sadayana sewu putu Mbah Wali Sunan Haruman mah biasa sok nyebat cekap ku Mbah Wali atanapi Eyang Wali wae. sadayana ajrih sinareng isin upami nyebat nami aslina (Asma Karim) langsung.

Ramana Sunan Haruman nyaeta Eyang Mas'ud putrana Eyang Ketib (Limbangan), Ibuna Eyang Tsu'batul Alam putrana Eyang Lembang (Ngke baris dipedal sajarahna).

Sunan Haruman gaduh garwa 3:
1. Nyimas Ajeng Sawiyah
2. Nyimas Ajeng Qolibah
3. Nyimas Ajenge Arja Wulan

sedengkeun putrana:
1. Eyang Badrudin
2. Eyang Nur Qosim
3. Eyang Siti Fatimah
4. Eyang Adzkia
5. Eyang Mubarok

sadayana ge aya di komplek kadua.

komplek Makam Sunan Haruman aya 4 (opat) komplek.
komplek kahiji disesepuhan ku Eyang Lembang
komplek kadua disesepuhan ku Sunan Haruman ku anjeun
komplek katilu disesepuhan ku Eyang Abdul Baari
komplek kaopat disesepuhan ku Eyang 'Ashim.

ari kasenengna Sunan Haruman nyaeta wirid Sholawat Kamilah (Nariyah) nu seuerna sabingbilangan 4, pang sakedikna 44, pangseueurna 44.444.
saupamina seja ziarah ka maqom anjeunna, saatosna tawashul teh aoskeun wae Sholawat Kamilah (Nariyah)

Cag sakieu wae, Insya Allah ngke diteraskeun deui....

sumber: katampi ti Pun Bapa

Artikel Terkait

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman