Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

Sajarah Pasantren Tengah

Masjid Agung Pasantren Tengah
Titingal Sunan Haruman (Gunung Haruman Cibiuk)

Bismillaahirrohmaanirrohiim....

ari muqimna, Sunan Haruman teh di wewengkon Pasantren Tengah, Cibiuk Kidul. anu janten marga lantaran disebat Pasantren Tengah teh, kumargi diapit ku dua pasantren, nyaeta Pasantren Barugbug ti palih wetanna, sareng Pasantren Babakan Selong Palih Kulonna.
Numutkeun sajarah nu dicarioskeun ku Pun Bapa, sasakala Mbah Sunan Haruman Muqim di Pasantren Tengah teh, kacarioskeun nuju alitna, Anjeunna ngajak ziarah ka ramana (Eyang Mas'ud).



"Bah, urang ziarah ka Maqom Eyang (Eyang Lembang/Syeikh Abdul Jabbar)!!!" saur Mbah Sunan Haruman ka Ramana.

"hayu...!!"

"Nanging Ujang hoyong digandong ku Abah"

"Yap... atuh...!!"

Nya Mbah Sunan Haruman teh digandong ku Ramana, angkat ziarah ka Maqom Eyangna (Eyang Ketib/Eyang Khotib) anu aya di Maqom Sunan Cipancar, Limbangan.

Saatosna ziarah ka Maqom Eyang Ketib, Mbah Sunan Haruman nyarios deui:

"da sanes ka Eyang nu ieu, tapi ka Eyang Lembang...!!"
"teu aya lepatna, saatosna ziarah ka dieu teh, teras ka Eyang Lembang...!!" saur Ramana.
"muhun atuh, nanging kedah digandong deui..."
Digandong deui, Sunan Haruman teh ku Ramana, ti Limbangan uih deui ka Cibiuk. teras ziarah ka Maqom Eyang Lembang.
Saatosna ziarah, Sunan Haruman nyarios deui ka ramana:
"tah ayeuna, ujang gandong deui ku Abah ka wetankeun, lurus weh... ke bujeng-bujeng ka geubis, dalah tisoledat sakedik ge kedah liren...."
"Yap...."
Nya Sunan Haruman teh digandong deui ku Eyang Mas'ud, luyu sareng pamunut putrana. sateuacan digandong teh, Eyang Wali Sunan Haruman teh nyabut pepetetan tangkal kendal.
Barang dugi ka hiji tempat, Eyang Mas'ud teh tisoledat.
"tos Bah, liren di dieu...." saur Sunan Haruman ka Ramana, nya diecagkeun weh ku Ramana.

"ti ayeuna ka payun, Ujang moal neraskeun Pasantren Babakan Selong, nanging Ujang bakal muka Pasantren teh di dieu" saur Sunan Haruman ka Ramana.
"tah ieu cirina..." bari ceb pepetetan tangkal Kendal teh dipelakeun.

Tina eta cariosan Pun Bapa, nya ayeuna katinggal buktosna.
1. Masjid patilasan Eyang Sunan Haruman, nu aya di Kp. Pasantren Tengah. disebat Masjid Agung.
2. Tangkal Kendal, sanaos kantun sirungna, aya di kuloneun Masjid Agung.

eta riwayat anu katampi ti Pun Bapa, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo nu maca ieu postingan.
ti simkuring cekap sakieu wae heula, ke kapayunna dilajengkeun ku riwayat-riwayat anu sanesna, anu aya patalina sareng sajarah Eyang Wali Sunan Haruman.

Alhamdulillaahi Robbil 'Aalamiin


Walloohul Muwaffiq Ilaa Aqwamit Thorieq

Artikel Terkait

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman