Wilujeng Sumping di Gunung Haruman tempat ujlahna Sunan Haruman

Tata Cara Ziaroh ka Maqom Sunan Haruman

Bismillaahirrahmaanirrahiim


Sapertos nu pada mafhum sadayana, rehna di Maqom Sunan Haruman teh aya 4 komplek. nu eta 4 komplek teh nyandak tamsil kana Madzhab nu aya dina Agama Islam.

sarengna deui, satiap bangunan Masjid titinggal para Auliya Allah, sadayana gaduh 4 tetengger nu ngamuara ka 4 Madzhab tea.

di tiap-tiap komplek Maqom, benten kaseneng sareng aurod nu diasokeun.



anapon cara ziaroh ka maqom Sunan Haruman, kedah di kawitan ka maqom Eyang Lembang heula, teras ka Sunan Haruman, teras ka Eyang Abdul Baari, terakhir ka Eyang 'Ashim.

lamina ziaroh, 40 dinten. sadinten sawengo di hiji komplek. kadua katiluna nya ngaruntut. kecuali upami aya isyaroh kedah ngalih.

Upami urang ngawitan lebet tabuh 7 enjing-enjing, maka kedah kaluar teh tabuh enjing-enjing enjingna.

kadangkala sok aya isyarah, misalna: "iser saeutik ka katuhu, berarti urang kedah ngalih komplek ka katuhuen atanapi sateuacanna komplek nu nuju di sumpingan.

urang gamblangkeun, misalna urang nuju aya di komplek anu ka tilu, heug aya isyarah kedah iser ka katuhu, berarti urang kedah ngalih ka komplek anu kadua. atawa sabalikna piwarang iserna teh ka palih kenca, nya kedah ngalih ka komplek anu ka opat.

atawa isyarahna teh, iser sing jauh, berarti ngalih ngaloncatan 2 komplek.

misalna urang nuju aya di komplek anu kahiji, berarti kedah ngalih teh ka komplek anu ka opat.

sakieu bae heula carita nu aya patalina sareng Tata Cara Ziaroh ka Maqom Sunan Haruman.

sumber: ti Pun Bapa

Artikel Terkait

4 komentar:

 
Copyright © 2015 GUNUNG HARUMAN CIBIUK | Powered by Blogger
Design by Sunan Haruman